KOMUNITAS TATAR SUNDA: Papatah: Papatah Ujang nu kasep... !! Sing jadi lalaki langit lalandang jagat.. Nu teu unggut kalinduan .. gedag kaanginan Salawasna nga...
Baca Salajengna..!
Selasa, 15 Mei 2012
KOMUNITAS TATAR SUNDA: Papatah
Papatah
Papatah
Sing jadi lalaki langit lalandang jagat..
Nu teu unggut kalinduan .. gedag kaanginan
Salawasna ngabogaan pamadegan hirup..
Suka pejet batan ngejat..
Kajeun lebur teu lebar naruhkeun pati..
Demi ngabelaan kahormatan kulawarga..
Omat...
Sing jadi tuturus laku enggoning sumujud kanu Maha Agung..
Jadi pola lampah kulawarga dina papantunan hirup..
Hidep teh benteng di rumah tangga..
Nyai nu geulis.... !!
Sing jadi istri raspati.. anu tumut turut ka salaki
Nu teu aral dina nyinghareupan galura kahirupan
Sing bisa ngajaga kaharmonisan rumah tangga
Mihapekeun...
Meunang rizki saeutik sing bisa mahi..
Meunang rizki loba sing jadi barokah..
Omat..
Kaharmonisan kulawarga,
aya dina leungeun hidep..
Ujang... Nyai.... !!
Sok geura teuleuman ieu kahirupan..
Omat ulah loba pacengkadan..
Amparkeun sajadah panjang..
Pasrah sumerah kanu Maha kawasa..
Indung bapa hidep... Bakal marengan sapanjang jalan. Baca Salajengna..!
Kamis, 01 Maret 2012
Sajarah Sunda
Bhineka
Tunggal Ika teh lambang nagara Republik Indonesia. Eta lambang hartosna
"rupa-rupa tapi hiji ", ngandung hartos yen Indonesia diwangun ku
rupa-rupa sukubangsa, kabudayaan, katut nusa, tapi sakumna sapuk ngahiji
jadi bangsa Indonesia pikeun ngudag hiji cita-cita nasional nya eta
masyarakat adil jeung ma'mur.
Salasahiji
anggota bangsa Indonesia nya eta sukubangsa Sunda anu miboga kabudayaan
jeung lemah cai sorangan, wujudna mangrupa kabudayaan Sunda jeung Tanah
Sunda atawa Tatar Sunda. Kecap Sunda anu ngandung harti wewengkon atawa
daerah mimiti kacatet dina prasasti (Prasasti Juru Pangambat) taun 458
Saka (536 Masehi). Anu pasti pisan Sunda sabage nagara (karajaan)
kacatet dina prasasti Sanghiyang Tapak taun 952 Saka (1030 Masehi). Dina
ieu prasasti disebutkeun sababaraha kali yen Sri Jayabhupati ngaku
sabage raja Sunda. Tanah Sunda perenahna di beulah kulon hiji pulo anu
ayeuna jenenganana Pulo Jawa. Ku kituna eta wewengkon disebut oge Jawa
Kulon. Ceuk urang Walanda mah West Java. Sacara formal istilah West Java
digunakeun ti mimiti taun 1925, nalika pamarentah kolonial ngadegkeun
pamarentah daerah anu statusna otonom sarta make ngaran Provincie West
Java. Ti mimiti zaman Republik Indonesia (1945) eta ngaran propinsi anu
make basa Walanda teh diganti ku basa Indonesia jadi Propinsi Jawa
Barat.
Aya ma beuheula aya tu ayeuna, hanteu ma beuheula hanteu tu ayeuna.
Hana tunggak hana watang, tan hana tunggak tan hana watang.
Hana ma tunggulna aya tu catangna."
Aya baheula aya ayeuna, lamun teu aya baheula moal aya ayeuna.
Aya iteuk aya dahan, lamun teu aya iteuk moal aya dahan.
Lamun aya tunggul tangtu aya urut tangkalna.)
Beak taun beak windu, ngabandungan nyerangkeun ti kaanggangan, lampahna pra seuweu-siwi, Pajajaran."
II. KARAJAAN SUNDA JEUNG KARAJAAN GALUH
Pawekas pajeueung beungeut
Panungtung patembong raray
ambu kita deung awaking
ibu sareng diri abdi
Sapoe poe ieu pisan
pajeueung beungeut deung aing
patepung lawung sareng sim abdi
Mo nyorang pacarek deui
(Jaga mah) moal ngalaman pataros deui
iwal dina pangimpian
pajeueung beungeut di bulan
patepung lawung di bulan
patempuh awak di angin
pasalisir awak di angin
6. Runtagna Karajaan
Gurubesar Tamu Research Institute for Languages and Cultures of Asia and Africa Tokyo University of Foreign Studies Baca Salajengna..!
Kamis, 08 September 2011
'' Guligah Hate "
'' Kamelang "
" Hate mah lir kila-kila simpena langit peuting..
Meusmeus melang ku hariwang..
Piligenti ngagali wanci..
Silih bintih nurih kapeurih..
Nya ayeuna ngintun harepan..
...
Sanajan kawilang melang ku anggang..
Sanajan astra waruga teu karampa..
Nyu'uh kalbu mah rengkuh sasadu bilih bendu..
Duh, kacipta linggih ka nu tebih..
Nyelang nganjang ngahaja ngaraksa beja..
Emut ka Panutan nu tebih..
seratan kang Billy
Baca Salajengna..!Minggu, 28 Agustus 2011
'' kanggo neng lela ''
Nu kaluar tina galura rasa
Pek ku anjeun gera titenan
Sajak kuring sajak keur anjeun
Nu didangding na jemplingna peuting
Na gelikna sora suling jeung jentrengna kacapi asih
Sajak kuring sajak keur anjeun
Haturan tilam katineung
Keur maturan nu teuneung ludeung
Ngumbara di nagara deungeun
Sajak kuring sajak keur anjeun
Teundeun dina handeuleum, tunda dina hanjuang
Bisi anjeun pareng ninggalkeun
Senin, 25 Juli 2011
'' kamelang ki sunda ''
prihatin ngabandungan rengkak paripolah barudak rumaja, beuki kadieukeun... beuki meuweuh mikalandep kana budaya deungeun.... teu teu ari matak ngahasilkeun jadi dunya mah (materi), nu aya mah kapribadian anu dibentuk (karakter diri) estuning "matak melang"...pikahariwangeun...
enya ketang, da kaalaman ku sorangan... pernah rumaja baheula teh.....
pernah ngalaman mangsana boga kahayang teu beunang dicaram ku kolot.....
pernah reresepan ubrang abring, gaul kaditu kadieu "sagala hayang nyaho"...
nyoba ieu, nyoba itu.... hayang kieu...hayang kitu......
ngan, nya kitu......
tungtungna mah balik deui kana diri sorangan....
balik deui kana tatapakan anu "ditancebkeun" ku kolot "dina diri"....
balik deui kana "dasar atikan" anu geus diterapkeun....
pergaulan, lingkungan, sakumaha gorengna oge....
angger lamun diri pribadina geus boga filter anu hade...
lamun diri pribadina geus boga "tatapakan" anu kuat...
moal kabawakeun kunu teu beres.... moal kabawa ku sakaba-kaba.....
pasti bisa milih ... pasti bisa nyaring.......
balik deui kana konser maut di bandung, ieu jadi bahan pieunteungeun keur urang, naha bet kajadian siga kitu. loba alesan anu aya pakuat-pakaitna jeung ieu kajadian, memang dina emprona pasti aya anu "disalahkeun" alias "kudu tanggung jawab".... bisa wae panitia anu ngayakeun eta kagiatan.....
ngan tungtung na mah..... urang kudu instrosfeksi diri kabeh......
pamarentah, budayawan, seniman, anu jadi kolot (indung bapa), komunitas kreatifitas, aparat keamanan, jeung sajabana..... kabeh kudu instrosfeksi diri......
pamarentah kunaon kudu instrosfeksi diri ?... eta geuning teu kawadahan "energi kreatifitas" barudak ngora teh....tepikeun kudu aya wadal nyawa sagala.... naha kudu kajadian deui?...cik atuh coba disolusikeun...merenahkeun tempat barudak ngora "ngaluarkeun" kreatifitasna...
jieunkeun sugan gedung pertunjukan anu "representatif"...... bae saheulaanan aliran berkesenian na mah...rek indie, rek ngeband, rek rock.... nu penting kasalurkeun heula.....
sugan bari sajajalan bisa ditoelan "eling" kana seni tradisina......
budayawan jeung seniman kunaon kudu instronfeksi ???... tuh geuning bukti anu nyata mah barudak urang (rumaja kiwari) teh kitu kaayaannana..... mikalandep budaya deungeun...bari jeung teu boga filter.... teu ngitung anu matak pisalameteun teh anu kumaha? brutal... naha kamana atuh kearifan budaya lokal (sunda) nerapna di rumaja kiwari ???
PR gede nu kudu dijawab !!!!...........
anu jadi kolot (indung bapa) kunaon kudu instrosfeksi ???... yeuh nun, bapa, ibu, emang, ibi... sakumaha gorengna pangaruh lingkungan jeung pergaulan anu aya disakuriling bungking moal ieuh kabawakeun pikeun jelma anu geus boga "cecekelan"...anu geus boga "tatapakan"...
ema,bapa,emang, embi...tong nyalahkeun wae ka jaman, tong nyalahkeun ka lingkungan, tong nyalahkeun wae ka pergaulan.......
geuning kitu buktosna.... atuh mihape anak getih sorangan, amanah ti Gusti, tong dimomorekeun.... pek diwarah anu teges.... jadikeun manusa..... tong diumbar teu puguh....
wayahna... nepi rumaja mah "kudu" keneh "dicangcang" dina nyieun kaputusan....
kudu terus "ditalingakeun" sagalana..... jaga lamun geus dewasa, bisa tanggung jawab sorangan... keun wae rek diumbar oge... da kitu kieu oge jadi pilihan hirupna....
ulah tepi ka aya beja siga kieu tina kajadian konser maut : aya kolot anu teu apal yen eta anu jadi korban teh anakna... teu apal kana rupana...teu apal kana pakeannana...teu apal ciri-cirina...
beu edasss.....
kamarana wae atuh aranjeun teh ???.. perkembangan anak nepi ka teu apal?? teu wawuh ???
teu inget budak indit make baju naon ??.... kacida.......
tah, kade ieu ka dulur-dulur..... muga jadi eunteung ieu kajadian......
kade ieu anak urang...amanah, dunya aherat kudu tanggung jawab ka MantenNa....
aparat keamanan oge komunitas tur panitia kunaon kudu instosfeksi ??... sagagala oge kudu ngukur kakujur... pasti lamun geus bisa ngitung pibalukareun tina sagala kagiatan moal kudu kajadian konser anu menta wadal nyawa siga kitu....
tungtungna, pikeun urang anu hirup. muga 10 nyawa ieu heunteu jadi tumbal anu "sia-sia"...
muga jadi eunteung jeung pelajaran anu berharga....
Sabtu, 02 Juli 2011
SAHA ARI URANG SUNDA TEH?
” Pandangan Hidup orang Sunda, karya tulis Dr. Yus Rusyana dkk. Depdikbud, 1988/1989.
” Kebudayaan Sunda. Dr. Edi S. Ekadjati, Dunia Pustaka Jaya, 1986.
” Sejarah Sunda I, Drs. R. Ma’mun Atmamihardja, Sumur Bandung 1956.
” Dangiang edisi 1/1999.
Tah dina eta buku bakal kaguar naon ari SUNDA.Tapi sigana boa-boa henteu ngan wungkul para wakil rayat anu jadi anggota DPRD Prop. Jabar bae nu can apal kana harti jeung ma’na kecap Sunda teh, teu mustahil karereanana urang Sunda oge can kungsi apal. Ku kituna mah atuda bongan bae di sakola-sakola boh anu formal boh non formal henteu kungsi diajarkeun SAJARAH SUNDA, (kajaba di lingkungan YPDM Pasundan jeung Yayasan Atikan Sunda) - Kacida pikasediheunana, ari sajarah karajaan-karajaan di Tatar Jawa, ti mimiti Erlangga tepi ka Sultan Hamengkubuwono X, urang kungsi diajar; diarapalkeun malah diujikeun, tapi ari sajarah karuhun urang pribadi kaluli-luli). Mangkaning ceuk Sajarahwan/Sosiolog ti Eropa, Miland Kundera, nyebutkeun, yen pikeun ngaleungitkeun hiji bangsa (seler bangsa), leungitkeun bae kareueus kana sajarahna pribadi. Tah kajadian ieu pisan anu ayeuna tumiba ka urang Sunda teh, kana sajarahna pribadi, jajauheun kana ngarasa reueus mah.
Nurutkeun pamanggihna para ahli nu ditataan di luhur ngeunaan saha ari Urang Sunda bisa dicindekkeun saperti ieu di handap.
Hiji jelema dianggap URANG SUNDA lamun cumpon kana salasahiji pasaratanana, nyaeta:
1. Upama dirina ngarasa jadi urang Sunda.
2. Upama ku batur disebut yen manehna teh urang Sunda.
3. Upama indung jeung bapana asli, tulen, PITUIN urang Sunda.
4. Upama jelema anu sanajan indung bapana lain Urang Sunda, tapi tingkah laku, cara mikir jeung hirup kumbuh sapopoena peresis saperti Urang Sunda.
Upama kitu ukuranana, nya atuh ayeuna mah gampang bae, kari urangna masing-masing bisa nyumponan salasahiji tina opat perkara di luhur. Upama dipedar leuwih jembar bisa dihartian kieu:
1. UPAMA DIRINA NGARASA JADI URANG SUNDA
Hiji jelema kakara boga rasa jadi urang Sunda, lamun inyana ngarasa yakin yen jiwana, hirup-huripna, lahir batinna, komo jeung turunan ti indung-bapana pituin urang Sunda. Pikeun miboga RASA jadi urang Sunda, nya kudu hirup di lingkungan anu NYUNDA (mibanda karakter Sunda), ngomong sapopoe basa Sunda, etika jeung etiket, budipekertina Nyunda, konsep hirupna (Visi jeung Misina) nangtung dina tatapakan Sunda. Jeung sauumur salawasna bajoang pikeun nanjeurkeun ajen inajen jeung perilaku anu Nyunda. Ngan anu sok dipikahariwang teh nyaeta lamun jadi Sunda anu heureut deuleu pondok lengkah, heureut ku sateukteuk, kurung batok. Nu kieu bakal jadi Sunda eklusif, tegesna bisa tigebrus kana etnosentris anu heureut, Jingoisme, Ubber Alls (ngarasa diri jadi seler bangsa anu pangunggulna). Karuhun Sunda geus mapagahan yen ulah jadi SUNDA ANU SARUBAK JAMANG, tapi kudu SUNDA ANU ANU SAAMPAR JAGAT (Jamang=baju).
2. UPAMA KU BATUR DISEBUT YEN MANEHNA TEH URANG SUNDA
Upama nurutkeun ukuran anu ieu, nu disebut Sunda atawa urang Sunda teh kumaha ceuk tetelahan ti batur. Ieu sipatna leuwih obyektif. Biasana pangna disebut kitu teh kulantaran indung-bapana urang Sunda, atawa dumeh cicing di tatar Sunda. Sok aya urang Sunda pribadi anu sigana era upama disebut urang Sunda ku batur teh da geuning upama aya nu nanya kieu:
“Kamu orang Sunda yah?”
Ari dijawabna teh ” Bukan saya mah Orang Indonesia “
Eta jawaban ngagambarkeun kateusadaran jeung henteu tumampi jadi urang Sunda (ieu patojaiah jeung eusina Ar.Ruum ayat 22). Saenyana kudu dibedakeun antara harti kecap BANGSA jeung harti kecap RAYAT (Rakyat). Ari “Bangsa” mah nuduhkeun kana sistem budaya (kultur jeung peradaban); ari “rayat (rakyat)” mah nuduhkeun kana cacahjiwa (penduduk) dicirian ku nomer KTP. Jadi kuduna ngajawab teh kieu:
“Benar saya orang Sunda yang menjadi Rakyat Indonesia” - Kitu kuduna mah, ngan geus salah kaprah tea. Padahal ari nu salah mah kapan kudu dibebener deui, diomean.
3. UPAMA INDUNG BAPANA PITUIN URANG SUNDA
Kacida bagjana pisan jelema anu indung bapana terah Sunda pituin, komo upama jeung hirup huripna, campur gaul sapopoena dina tatapakan anu NYUNDA. Malah di urang mah aya kasebutna yen tujuh turnanana oge terah Sunda asli. Tapi sigana ari tepi ka tujuh turunan mah (bapa/indung, nini/aki, uyut, bao, janggawareng, canggah, udeg-udeg, kait siwur) mah jauh teuing. Sigana ku semet indung jeung bapa oge cukup. Anu penting mah bari jeung hirup hurip sapopoena katangar Nyunda. Sarta anu pangpentingna tina kahirupan anu Nyunda teh nyaeta di imah jeung di lingkunganana ngagunakeun BASA SUNDA pikeun alat komunikasina. - Di kota-kota nu aya di Tatar Sunda, hususna di Bandung, pangpangna anu hirup di kompleks perumahan geus kurang pisan kulawarga anu ngagunakeun basa Sunda di imahna -
4. UPAMA JELEMA ANU SANAJAN INDUNG BAPANA LAIN URANG SUNDA, TAPI TINGKAH LAKU, CARA MIKIR JEUNG HIRUP KUMBUH SAPOPOENA PERESIS SAPERTI URANG SUNDA
Ayeuna mah meureun nu disebut urang Sunda MUKIMIN. Disebut Mukimin teh pedah geus mukim (cicing, matuh) di tatar Sunda. Tapi sanajan kitu kudu dibarengan ku tingkah laku, cara mikir jeung hirup kumbuh sapopoena ceples saperti urang Sunda. Can disebut Sunda Mukimin, upama ukur pedah cicing di tatar Sunda, tapi ari perilaku, pasipatan, ngomong, cara mikir jeung hirup kumbuh sapopoena can saperti Urang Sunda.
Jadi teu bisa disebut Sunda Mukimin, upama imah-imahna dipager luhur tepi ka teu wawuh jeung tatangga, embung milu ngaronda, embung kerja bakti kajeun muruhkeun, embung jadi RT atawa RW, nyieun kelompok/komunitas anu ekslusif, tara milu upacara agustusan.
Saenyana di pakumbuhan Urang Sunda geus kaitung rea para mukimin anu kacida gede kanyaahna ka Ki Sunda, upamana bae:
” Dalang Apek Gunawijaya, eta teh dalang kahot meles urang Cina (ngaranna oge Apek kapan). Dalang Apek kawentar pisan dina taun opatpuluhan jeung limapuluhan mah.
” Bapa Sutisna Senjaya, tokoh ti organisasi Daya Sunda, hiji-hijina wakil GERPIS (Gerakan Pilihan Sunda dina Pemilu taun 1955) anu jadi wakil di Konstituante jaman Sukarno. Anjeunna wantun pidato dina sidang formal Konstituante ku BASA SUNDA, sarta mokalan ngadegkeun kalawarta Kudjang babarengan jeung Bp. R. Ema Bratakoesoema, Bp. Prof. Ir. R.Otong Kosasih. Ari bapa Sutisna Senjaya (Sutsen) teh wedalan Pekalongan alias tiang Jawi.
” Bapa Endang Saefuddin Anshari (Alm), terah Padang meles, tapi di mana wae, jeung iraha bae upama biantara teh sok ku basa Sunda bae. Tatakramana kacida nyundana (pupus taun 90-an).
Tangtu aya keneh Urang Sunda Mukimin anu upama dibandingkeun jeung urang Sunda Pituin oge jauh tangeh leuwih nyaahna ka Sunda. Ka para Sunda Mukimin anu saperti kieu, urang wajib ngajenan jeung mihormatna.
Minangka panutupna tulisan bagian ka-1 ieu, aya nu perlu pisan dipiinget ku urang sarerea, rek keur urang SUNDA PITUIN rek keur SUNDA MUKIMIN, yen ari pikeun kalungguhan Pupucuk Pamarentahan Masarakat Urang Sunda mah, aya nu kudu dicekel pageuh, nyaeta para pamingpin di unggal daerah (Propinsi, Kabupaten, Kota, Kacamatan, Desa), eta teh lain ngan ukur jadi PAMINGPIN STRUKTURAL FORMAL wungkul tapi oge jadi CICIREN (ICON) TI MASARAKAT ADAT SUNDA. Jadi kacindekanana pikeun pamingpin di Tatar Sunda mah kudu bisa nyumponan kana ukuran (kriteria) nomer 1, 2 jeung 3. Tapi upama kapaksa-kapaksa teuing mah henteu cumpon tilu pasaratan tea, dua pasaratan mah mutlak kudu digunakeun, nyaeta pasaratan no 1 (Ngarasa dirina teh Urang Sunda) jeung no 2 (Ku batur disebut manehna teh Urang Sunda). Hal ieu teh taya lian pikeun salasahiji tarekah geusan repeh rapih, lulus banglus, tata tengtrem karta raharjana Tatar Sunda jeung Bangsa Sunda sabage salasahiji ti masarakat rayat Indonesia. Upama nu dua ieu kacumponan, insya-Alloh moal marudah teuing batiniahna urang Sunda teh. Muga maphum bae ieu mah
SAHA ARI URANG SUNDA TEH?
Hiji waktu nu geus kaliwat dina riungan para tokoh Urang Sunda jeung sawatara anggota DPRD Prop. Jabar basa ngabahas “milih pigupernureun/wagup Prop. Jabar”, ti antara anu hadir aya nu nanyakeun ka anggota DPRD Prop. Jabar tea, saha jeung nu kumaha anu disebut SUNDA teh. Ti antara anggota DPRD Prop. Jabar nu aya harita saurang oge taya nu bisa nerangkeun kalawan jentre. Ieu kaaayan teh ngagambarkeun yen wawakil rayat Sunda teh dina buktina mah henteu apaleun kana saha jeung naon anu diwakilanana. Estu pikasediheun pisan. wawakil urang Sunda teu ngartieun kana saha jeung naon ari SUNDA teh. Padahal upama eta anggota dewan teh daek leukeun jeung sok daek maca buku nu tumali jeung Sunda atawa Kabudayaan Sunda, tangtu bisa ngajawab kana eta pananya. Aya sawatara buku anu kudu dibaracana, tur saenyana henteu loba diantarana bae:
” Pandangan Hidup orang Sunda, karya tulis Dr. Yus Rusyana dkk. Depdikbud, 1988/1989.
” Kebudayaan Sunda. Dr. Edi S. Ekadjati, Dunia Pustaka Jaya, 1986.
” Sejarah Sunda I, Drs. R. Ma’mun Atmamihardja, Sumur Bandung 1956.
” Dangiang edisi 1/1999.
Tah dina eta buku bakal kaguar naon ari SUNDA.Tapi sigana boa-boa henteu ngan wungkul para wakil rayat anu jadi anggota DPRD Prop. Jabar bae nu can apal kana harti jeung ma’na kecap Sunda teh, teu mustahil karereanana urang Sunda oge can kungsi apal. Ku kituna mah atuda bongan bae di sakola-sakola boh anu formal boh non formal henteu kungsi diajarkeun SAJARAH SUNDA, (kajaba di lingkungan YPDM Pasundan jeung Yayasan Atikan Sunda) - Kacida pikasediheunana, ari sajarah karajaan-karajaan di Tatar Jawa, ti mimiti Erlangga tepi ka Sultan Hamengkubuwono X, urang kungsi diajar; diarapalkeun malah diujikeun, tapi ari sajarah karuhun urang pribadi kaluli-luli). Mangkaning ceuk Sajarahwan/Sosiolog ti Eropa, Miland Kundera, nyebutkeun, yen pikeun ngaleungitkeun hiji bangsa (seler bangsa), leungitkeun bae kareueus kana sajarahna pribadi. Tah kajadian ieu pisan anu ayeuna tumiba ka urang Sunda teh, kana sajarahna pribadi, jajauheun kana ngarasa reueus mah.
Nurutkeun pamanggihna para ahli nu ditataan di luhur ngeunaan saha ari Urang Sunda bisa dicindekkeun saperti ieu di handap.
Hiji jelema dianggap URANG SUNDA lamun cumpon kana salasahiji pasaratanana, nyaeta:
1. Upama dirina ngarasa jadi urang Sunda.
2. Upama ku batur disebut yen manehna teh urang Sunda.
3. Upama indung jeung bapana asli, tulen, PITUIN urang Sunda.
4. Upama jelema anu sanajan indung bapana lain Urang Sunda, tapi tingkah laku, cara mikir jeung hirup kumbuh sapopoena peresis saperti Urang Sunda.
Upama kitu ukuranana, nya atuh ayeuna mah gampang bae, kari urangna masing-masing bisa nyumponan salasahiji tina opat perkara di luhur. Upama dipedar leuwih jembar bisa dihartian kieu:
1. UPAMA DIRINA NGARASA JADI URANG SUNDA
Hiji jelema kakara boga rasa jadi urang Sunda, lamun inyana ngarasa yakin yen jiwana, hirup-huripna, lahir batinna, komo jeung turunan ti indung-bapana pituin urang Sunda. Pikeun miboga RASA jadi urang Sunda, nya kudu hirup di lingkungan anu NYUNDA (mibanda karakter Sunda), ngomong sapopoe basa Sunda, etika jeung etiket, budipekertina Nyunda, konsep hirupna (Visi jeung Misina) nangtung dina tatapakan Sunda. Jeung sauumur salawasna bajoang pikeun nanjeurkeun ajen inajen jeung perilaku anu Nyunda. Ngan anu sok dipikahariwang teh nyaeta lamun jadi Sunda anu heureut deuleu pondok lengkah, heureut ku sateukteuk, kurung batok. Nu kieu bakal jadi Sunda eklusif, tegesna bisa tigebrus kana etnosentris anu heureut, Jingoisme, Ubber Alls (ngarasa diri jadi seler bangsa anu pangunggulna). Karuhun Sunda geus mapagahan yen ulah jadi SUNDA ANU SARUBAK JAMANG, tapi kudu SUNDA ANU ANU SAAMPAR JAGAT (Jamang=baju).
2. UPAMA KU BATUR DISEBUT YEN MANEHNA TEH URANG SUNDA
Upama nurutkeun ukuran anu ieu, nu disebut Sunda atawa urang Sunda teh kumaha ceuk tetelahan ti batur. Ieu sipatna leuwih obyektif. Biasana pangna disebut kitu teh kulantaran indung-bapana urang Sunda, atawa dumeh cicing di tatar Sunda. Sok aya urang Sunda pribadi anu sigana era upama disebut urang Sunda ku batur teh da geuning upama aya nu nanya kieu:
“Kamu orang Sunda yah?”
Ari dijawabna teh ” Bukan saya mah Orang Indonesia “
Eta jawaban ngagambarkeun kateusadaran jeung henteu tumampi jadi urang Sunda (ieu patojaiah jeung eusina Ar.Ruum ayat 22). Saenyana kudu dibedakeun antara harti kecap BANGSA jeung harti kecap RAYAT (Rakyat). Ari “Bangsa” mah nuduhkeun kana sistem budaya (kultur jeung peradaban); ari “rayat (rakyat)” mah nuduhkeun kana cacahjiwa (penduduk) dicirian ku nomer KTP. Jadi kuduna ngajawab teh kieu:
“Benar saya orang Sunda yang menjadi Rakyat Indonesia” - Kitu kuduna mah, ngan geus salah kaprah tea. Padahal ari nu salah mah kapan kudu dibebener deui, diomean.
3. UPAMA INDUNG BAPANA PITUIN URANG SUNDA
Kacida bagjana pisan jelema anu indung bapana terah Sunda pituin, komo upama jeung hirup huripna, campur gaul sapopoena dina tatapakan anu NYUNDA. Malah di urang mah aya kasebutna yen tujuh turnanana oge terah Sunda asli. Tapi sigana ari tepi ka tujuh turunan mah (bapa/indung, nini/aki, uyut, bao, janggawareng, canggah, udeg-udeg, kait siwur) mah jauh teuing. Sigana ku semet indung jeung bapa oge cukup. Anu penting mah bari jeung hirup hurip sapopoena katangar Nyunda. Sarta anu pangpentingna tina kahirupan anu Nyunda teh nyaeta di imah jeung di lingkunganana ngagunakeun BASA SUNDA pikeun alat komunikasina. - Di kota-kota nu aya di Tatar Sunda, hususna di Bandung, pangpangna anu hirup di kompleks perumahan geus kurang pisan kulawarga anu ngagunakeun basa Sunda di imahna -
4. UPAMA JELEMA ANU SANAJAN INDUNG BAPANA LAIN URANG SUNDA, TAPI TINGKAH LAKU, CARA MIKIR JEUNG HIRUP KUMBUH SAPOPOENA PERESIS SAPERTI URANG SUNDA
Ayeuna mah meureun nu disebut urang Sunda MUKIMIN. Disebut Mukimin teh pedah geus mukim (cicing, matuh) di tatar Sunda. Tapi sanajan kitu kudu dibarengan ku tingkah laku, cara mikir jeung hirup kumbuh sapopoena ceples saperti urang Sunda. Can disebut Sunda Mukimin, upama ukur pedah cicing di tatar Sunda, tapi ari perilaku, pasipatan, ngomong, cara mikir jeung hirup kumbuh sapopoena can saperti Urang Sunda.
Jadi teu bisa disebut Sunda Mukimin, upama imah-imahna dipager luhur tepi ka teu wawuh jeung tatangga, embung milu ngaronda, embung kerja bakti kajeun muruhkeun, embung jadi RT atawa RW, nyieun kelompok/komunitas anu ekslusif, tara milu upacara agustusan.
Saenyana di pakumbuhan Urang Sunda geus kaitung rea para mukimin anu kacida gede kanyaahna ka Ki Sunda, upamana bae:
” Dalang Apek Gunawijaya, eta teh dalang kahot meles urang Cina (ngaranna oge Apek kapan). Dalang Apek kawentar pisan dina taun opatpuluhan jeung limapuluhan mah.
” Bapa Sutisna Senjaya, tokoh ti organisasi Daya Sunda, hiji-hijina wakil GERPIS (Gerakan Pilihan Sunda dina Pemilu taun 1955) anu jadi wakil di Konstituante jaman Sukarno. Anjeunna wantun pidato dina sidang formal Konstituante ku BASA SUNDA, sarta mokalan ngadegkeun kalawarta Kudjang babarengan jeung Bp. R. Ema Bratakoesoema, Bp. Prof. Ir. R.Otong Kosasih. Ari bapa Sutisna Senjaya (Sutsen) teh wedalan Pekalongan alias tiang Jawi.
” Bapa Endang Saefuddin Anshari (Alm), terah Padang meles, tapi di mana wae, jeung iraha bae upama biantara teh sok ku basa Sunda bae. Tatakramana kacida nyundana (pupus taun 90-an).
Tangtu aya keneh Urang Sunda Mukimin anu upama dibandingkeun jeung urang Sunda Pituin oge jauh tangeh leuwih nyaahna ka Sunda. Ka para Sunda Mukimin anu saperti kieu, urang wajib ngajenan jeung mihormatna.
Minangka panutupna tulisan bagian ka-1 ieu, aya nu perlu pisan dipiinget ku urang sarerea, rek keur urang SUNDA PITUIN rek keur SUNDA MUKIMIN, yen ari pikeun kalungguhan Pupucuk Pamarentahan Masarakat Urang Sunda mah, aya nu kudu dicekel pageuh, nyaeta para pamingpin di unggal daerah (Propinsi, Kabupaten, Kota, Kacamatan, Desa), eta teh lain ngan ukur jadi PAMINGPIN STRUKTURAL FORMAL wungkul tapi oge jadi CICIREN (ICON) TI MASARAKAT ADAT SUNDA. Jadi kacindekanana pikeun pamingpin di Tatar Sunda mah kudu bisa nyumponan kana ukuran (kriteria) nomer 1, 2 jeung 3. Tapi upama kapaksa-kapaksa teuing mah henteu cumpon tilu pasaratan tea, dua pasaratan mah mutlak kudu digunakeun, nyaeta pasaratan no 1 (Ngarasa dirina teh Urang Sunda) jeung no 2 (Ku batur disebut manehna teh Urang Sunda). Hal ieu teh taya lian pikeun salasahiji tarekah geusan repeh rapih, lulus banglus, tata tengtrem karta raharjana Tatar Sunda jeung Bangsa Sunda sabage salasahiji ti masarakat rayat Indonesia. Upama nu dua ieu kacumponan, insya-Alloh moal marudah teuing batiniahna urang Sunda teh. Muga maphum bae ieu mah
Baca Salajengna..!
Sabtu, 28 Mei 2011
Assalammu Alaikum Wr Wb,,,
Shalawat sinareng Salam kapihatur ka Kanjeng Nabi Muhammad SAW miwah kulawargina nu Mulya sareng Sahabatna Radiyallahu Anhum....Amiin.
Sampurasun Baraya sim kuring...
Dina raraga Milangkala taun yuswa pribados ping 28 Mei dinten ieu, sim kuring seja ngahaturkeun sewu nuhun laksa kabingahan kana sagala rupi ucapan, salam kawilujengan sinareng Du'a ti para Wargi sadayana.
Sawalerna ngalangkungan seratan ieu pribados oge hoyong ngadu'akeun Baraya miwah kulawargi Mugia dipaparinan Ginanjar kawilujengan, Babar karahayuan, Kacumponkeun sagala rupi pamaksadan oge salawasna tetep aya dina Panantayungan sinareng Maghfiroh ti Allah nu Maha Welas Asih.......Allahumma Amiin.
Sanajan raga pa'anggang teu pa'amprok dampal panangan mung saukur tiasa patepang di alam Mandala maya (fesbuk) malahmandar tiasa ngaraketkeun tali silaturahmi di antara urang sadayana.
Timangsa gumelar ka alam dunya dianti ku Indung jeung Bapa, getih beureum malur waruga nalika jabang bayi munggaran gubrag ka alam dunya pikeun ngumbara rumingkang di bumi alam.
Bungah jeung bagja awor ngahiji, orok beureum diayun ambing ku rupa-rupa hariring miwah Du'a sangkan na diri nyanding sukma nu sajati....Insya Allah.
Ilaharna Gusti Allah nu ngagaduhan Kodrat, Iradat sinareng Kersaning ka mahlukna, Indung nu ngandung Bapa nu ngayuga jadi Cukang Lantaran.
Indung miharep sarta Bapa munajat sangkan buah hate bagja tanpa kuciwa Rahayu lahir Tumekaning batin....
Kanya'ah Indung jeung Bapa moal gedag ku ka'anginan, moal la'at ku kalinduan, moal lantis ku kahujanan, Indung tunggul rahayu Bapa tunggal raharja....
Duh Ibu duh Bapa, ageung karumaosan abdi seueur kalepatan ka salira, kedah kumaha abdi mulang tarima ?....Hampura nu diteda, Weninggalih nu dipamrih, Rahayu nu dipundut....
Robbighfirlii waliwalidayya warhamhuma kamaa Robbayani shagiro...Allahumma Amiin.
Nyukcruk galur nu kapungkur mapay laratan anu baheula nitih wanci nu kamari ninggang mangsa nu sampurna.
Sadar kana Hirup, manahoreng Hirup teh kudu dibarengan ku Huripna. Ari Hurip teh nyaeta babanda saperluna pikeun bekel Hirup. Gawe nu rancage dibarengan ku elmu pangaweruh jadi Cukang Lantaran pikeun ngahontalna.
Robah mangsa ganti wanci - ilang bulan kurunyung taun, sanajan ngalamun salaput umur, kahayang patema-tema, karep heunteu reureuh-reureuh, da geuning nu bakal karasa mah anging qadar ti Gusti, manusa sakadar rancana, qabul aya tinu Maha Agung, Laksana aya tinu Maha Kawasa....Laa Haulaa wa laa quwwata illa billah....
Eling kana Purwadaksi, Purwa wiwitan Daksi wekasan, ti mana asal kawit - keur ngumbara di mana - bakal mulih deui ka mana....Jalma mah moal salawasna Jumeneng di alam dunya hiji mangsa bakal mulih ka Jati mulang ka Asal, amal perbuatan jeung Ibadah urang nu bakal dibawa ka Hadirat Illahi Robii....Innalillahii wa inna illaihi rojiun.
Hatur nuhun ka Baraya sadayana, nyanggakeun bobot pangayom timbang tarajuna Mugiya agung cukup lumur jembar pangampura....
Jazakallahu khoiron katsiron - Barakallahu fikum....
Wassallammu Alaikum Wr Wb.
Tangerang, 28 Mei 2011
____ KANG ARIEF - Sarimbit ____
adm_kumkum_bdg
Minggu, 06 Maret 2011
KUJANG ROMPANG
oleh Riehana Ghina A'lya
Ninggang kana mangsana
Muru maluru beh ditu
Nungtik nyungsi nu kamari
Hudang pikeun tandang nu kiwari
Ngundeur meureun ngala sugan
.. ..
Hana nguni hana mangke
Tan hana nguni tan hana mangke *
Aya baheula, aya ayeuna
Moal aya ayeuna mun euweuh baheula
.. ..
Aya indung, aya bapa
Indung nu ngandung bapa nu ngayuga
Aya indung, aya surga
Aya bapa aya dunya
Du’a indung jadi jimat
Jampe bapa jadi ubar
Pikeun lengkah
Pikeun tandang
Ngadekeun ajen Kisunda
Laku lampah nu utama
Nyebarkeun asih kasasama
Tingkah polah sing merenah
kamulyaan
Kajembaran
Kawaluyaan
Karahayuan
Congkrang kujang ngajirim nonoman
Nu gede wawanena
Baca Salajengna..!
Selasa, 22 Februari 2011
Papatah Kolot Baheula
1. Hubungan Dengan Sesama Mahluk
2. Sacangreud pageuh sagolek pangkek (Commitment, menepati janji & consitent).
3. Ulah lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang, omat ulah lali tina purwadaksina (integrity harus mengikuti etika yang ada)
4. Nyaur kudu diukur nyabda kudu di unggang (communication skill, berbicara harus tepat, jelas, bermakna.. tidak asbun).
5. Kudu hade gogod hade tagog (Appearance harus dijaga agar punya performance yg okeh dan harus consitent dengan perilakunya –> John Robert Power melakukan training ini mereka punya Personality Training, dlsb).
6. Kudu silih asih, silih asah jeung silih asuh (harus saling mencintai, memberi nasihat dan mengayomi).
7. Pondok jodo panjang baraya (siapapun walopun jodo kita tetap persaudaraan harus tetap dijaga)
8. Ulah ngaliarkeun taleus ateul (jangan menyebarkan isu hoax, memfitnah, dlsb).
9. Bengkung ngariung bongok ngaronyok (team works & solidarity dalam hal menghadapi kesulitan/ problems/ masalah harus di solve bersama).
10. Bobot pangayun timbang taraju (Logic, semua yang dilakukan harus penuh pertimbangan fairness, logic, common sense, dlsb)
11. Lain palid ku cikiih lain datang ku cileuncang (Vision, Mission, Goal, Directions, dlsb… kudu ada tujuan yg jelas sebelum melangkah).
12. Kudu nepi memeh indit (Planning & Simulation… harus tiba sebelum berangkat, make sure semuanya di prepare dulu).
13. Taraje nangeuh dulang pinande (setiap tugas harus dilaksanakan dengan baik dan benar).
14. Ulah pagiri- giri calik, pagirang- girang tampian (jangan berebut kekuasaan).
15. Ulah ngukur baju sasereg awak (Objektivitas, jangan melihat dari hanya kaca mata sendiri).
16. Ulah nyaliksik ku buuk leutik (jangan memperalat yang lemah/ rakyat jelata)
17. Ulah keok memeh dipacok (Ksatria, jangan mundur sebelum berupaya keras).
18. Kudu bisa kabulu kabale (Gawul, kemana aja bisa menyesuaikan diri).
19. Mun teu ngopek moal nyapek, mun teu ngakal moal ngakeul, mun teu ngarah moal ngarih (Research & Development, Ngulik, Ngoprek, segalanya harus pakai akal dan harus terus di ulik, di teliti, kalo sudah diteliti dan dijadikan sesuatu yang bermanfaat untuk kehidupan).
20. Cai karacak ninggang batu laun laun jadi dekok (Persistent, keukeuh, semangat pantang mundur).
21. Neangan luang tipapada urang (Belajar mencari pengetahuan dari pengalaman orang lain).
22. Nu lain kudu dilainkeun nu enya kudu dienyakeun (speak the truth nothing but the truth).
23. Kudu paheuyeuk- heuyeuk leungeun paantay-antay tangan (saling bekerjasama membangun kemitraan yang kuat).
24. Ulah taluk pedah jauh tong hoream pedah anggang jauh kudu dijugjug anggang kudu diteang (maju terus pantang mundur).
25. Ka cai jadi saleuwi kadarat jadi salogak (Kompak/ team work).
26. dlsb.
2. Dihin pinasti anyar pinanggih (semua kejadian telah ditentukan oleh Yang Maha Kuasa yang selalu menjaga hukum-hukumnya).
3. Melak cabe jadi cabe melak bonteng jadi bonteng, melak hade jadi hade melak goreng jadi goreng (Hukum Yang Maha Kuasa adalah selalu menjaga hukum-2nya, apa yang ditanam itulah yang dituai, kalau kita menanam kebaikan walaupun sekecil elektron tetep akan dibalas kebaikan pula, kalau kita menanam keburukan maka keburukan pula yg didapat…. kira-2 apa yang sudah kita tanam selama ini sampai-2 Indonesia nyungseb seeeeeb
4. Manuk hiber ku jangjangna jalma hirup ku akalna (Gunakan akal dalam melangkah, buat apa Yang Maha Kuasa menciptakan akal kalau tidak digunakan sebagai mestinya).
5. Nimu luang tina burang (semua kejadian pasti ada hikmah/ manfaatnya apabila kita bisa menyikapinya dengan cara yang positive).
6. Omat urang kudu bisa ngaji diri (kita harus bisa mengkaji diri sendiri jangan suka menyalahkan orang lain)
7. Urang kudu jadi ajug ulah jadi lilin (Jangan sampai kita terbakar oleh ucapan kita, misalnya kita memberikan nasihat yagn baik kepada orang lain tapi dalam kenyataan sehari- hari kita terbakar oleh nasihat-2 yang kita berikan kepada yang lain tsb, seperti layaknya lilin yang memberikan penerangan tapi ikut terbakar abis bersama api yang dihasilkan).
8. dlsb.
2. Tatangkalan dileuweung teh kudu di pupusti (Pepohonan di hutan ituh harus di hormati, harus dibedakan istilah dipupusti (dihormati) dengan dipigusti (di Tuhankan) banyak yang salah arti disini).
3. Leuweung ruksak, cai beak, manusa balangsak (hutan harus dijaga, sumber air harus dimaintain kalo tidak maka manusia akan sengsara). Baca Salajengna..!
Sabtu, 29 Januari 2011
'' GENGSI NGOMONG SUNDA ''
Kamis, 28 Oktober 2010
Babar Kecap Panyipuh Alam Panyundaan
Sumujud nyungkur ka Papayung ti Hiung Agung nu Tunggal ngajadikeun rupaning nu Manunggal.
Laaillaha illalloh Muhammaddarrosulloh.
Kalayan Kasalametan ka Jungjunan Alam, Khalifatulloh Nu jadi ka-RUH-un Sarining Sukma.
Sinembahing mulya ka Indung rawuh ka Bapa, tur Tatar Adat Nusa nu jadi cukang lantaran kapanga-RUH-an Sarining Kuring ngajirim jatidiri.
Kalayan hormat ka para Luluhur Sunda nu nancebkeun Sulur Buah Pikiran Luhung, nu jadi Pamancar, Pamancir jeung Pamancur Palasifah Sunda.
Babak carita urang buka ku tekad tata jeung cara Sunda NINDAK ngudag WAYAH :
Bral urang Milampah MARTABAT Kamanusaan Sunda.
Prak urang Makalangan DARAJAT Kahirupan Sunda.
Prung urang Ngawangun KALUHUNGAN Adat Budaya Sunda.
Hurung ngempur Lampu Agung - Siang Leumpang Ngabaladah...
Ku Rasa nu Ngabasa.
Ku Basa nu Mangrupa.
Ku Rupa nu Ngaungkara.
Ku Ungkara nu Nanggara.
Ku Tanggara nu Ngauga.
Ku Uga nu Ngawaruga.
Tujuh Rupa Ungkara nyipuh ngahirupan Dalapan Belas Rupa Puraga Talahawa jadi konci pikeun muka rusiah sabundering jagat.
Pangjangka nu ngajarak saban arah - ngajadikeun KARAMAH.
Pamatri nu ngajirim kana diri - ngajadikeun KARIMAH.
Panglawung ngagabung sabale gandrung - ngajadikeun KARUMAH.
Pangleber nu meber ka sekeseler - ngajadikeun KAREMAH.
Pangjero nu ngawaro ka panggero - ngajadikeun KAROMAH.
Panggeter nu meper - ngajadikeun KAREMAH.
Pangangkleung nu cukleuk leuweung - ngajadikeun KEREUMAH.
Basa nu hirup dina Rasa - Nga Uga KANYATAAN.
Basa nu hirup jadi Wasa - Nga Waruga KALAMPAHAN.
Indung nu jadi simbul Panyipuh :
Kembang tujuh rupa nu baris mere tangara seungitna Jati Sunda.
Cai sajeroning kalapa nu baris matri ngadiri kana Sukma Jati Sunda.
Gelarhirhing " BABAR SUNDA - DINA UGA - NGAWARUGA ".
Bral muka jalan tatapakan Manusa Sunda ti Nusantara rek ngalanglang Jagat, Poma tong ngahalangan bisi Katulah.
Kuring rek ngalengkeh ti Wewengkon Siliwangi mere beja nu TEGES - ECES - BENTES :
SUNDA MAPAG UGA, Nyukcruk Kaluhungan Indung.
SUNDA NANJEUR, Parahyangan Beuneur.
SUNDA MEGAR, Pajajaran Medar.
SUNDA SURTI, Siliwangi Walagri.
SUNDA NINDAK, Buana Robah Jadi Alam Panyundaan.
Sunda Indung Sagala Manusa. Bral...! Prak...! Prung...! Baca Salajengna..!






