Kujang teh lain ngan saukur pakakas pikeun perang tapi oge pikeun tatanen, pangarak jeung pusaka. Pakarang Sunda nu jadi ciri kasundaan teh rupa-rupa wangun jeung ukuranana. Pikeun neuleuman ngeunaan naon jeung kumaha nyieun kujang, ieu tulisan disusun, sakalian nyumponan pameredih ti nu maca Salaka anu aya di mancanagara, anu kungsi nanyakeun asal usulna sebutan Kudyang anu kiwari kawentar disebut Kujang. Urang Sunda pasti kana reueusna mibanda kujang teh. Sabenerna ti baheula keneh oge kujang teh sok dipake pakakas pikeun tatanen, salian ti jadi pakarang, pangarak, jeung pusaka. Wujudna anu onjoy dibandingkeun jeung pakakas tradisional lianna anu sajaman nembongkeun sipatna anu jadi ciri mandiri.
Upama dititenan kujang mah palebah tangtungan ipis, bahanna tina beusi garing anu kualitasna hade, jeung aya pori, wesi kuning, kitu deui waja, perak atawa emas. Malah kujang anggoan para menak jeung pangagung mah aya anu ditaretes ku batu permata, inten berlian, mapaesan pusaka anu kacida endahna. Kitu deui kujang nu dijadikeun pakarang sok make panambah pamor mangrupa peurah. Biasana peurah oray tiru, peurah oray taneuh, peurah oray gibug, peurah kalajengking. Atuh tina tutuwuhan saperti geutah akar leteng, geutah caruluk, atawa bubuk daun rarawea, jste, remen dipake pikeun kujang. Anu matak ulah lalawora, sabab peurah jeung racun tutuwuhan teh lamun ngagores bisa ngalumpuhkeun musuh nepi ka nyanghareupan pati.
Kujang pakarang, kitu deui kujang pusaka dipasieup ku “gaib sakti” anu jadi “eusi”. Gaib teh bisa dieusikeun ku sipat jahat atawa sipat hade. Anu jahat upamana: gaib maung, gaib hileud, gaib oray, gaib siluman, jste. Gaib anu sarupaning kitu biasana disieupkeun pikeun kujang anu make pamor pikeun senjata, ngancurkeun musuh atawa lawan. Sedengkeun kujang pusaka biasana disieupan ku gaib sakti arwah para luluhur, atawa para ‘guriang’ anu ngandung sipat hade, wijaksana, luhur budi.
Pola Jeung Wangun
Aya anu medar yen kujang make pola Tritangtu Sunda, salasahiji konsep anu dumasar kana widang kakawasaan, nyaeta kalungguhan rama, resi jeung ratu. Anu ngandung sipat kalungguhan rama ngagurat lemah, resi ngagurat cai, ratu mah ngagurat batu.
Tapi teu sakabeh kujang dumasar aturan Tritangtu, lantaran aya anu ngan digunakeun pikeun pakakas sapopoe. Contona kujang bangkong di Garut saukur dipake peso dapur, atawa kujang naga anu aya di Purwakarta gede gunana pikeun ngabukbak tatangkalan.
Anis Djatisunda netelakeun yen dina pantun Bogor aya sababaraha rupa kujang anu wangunna mangrupa sasatoan, kayaning: kujang jago, ciung, kuntul, badak, naga jeung bangkong. Sedengkeun tina segi fungsina aya nu disebut kujang pusaka, pakarang, pangarak jeung pakakas.
Dina sababaraha carita anu kabandungan, nu nyebar dina situs internet, kacatur yen nyiptakeun kujang sabenerna kailhaman ku alat-alat tatanen anu mindeng digunakeun di abad 4-7 M. Kujang anu dipupusti ku urang ayeuna sabenerna jieunan abad 9-12 M ciptaan para empu anu kawentar, di antarana: empu Windu Sarpo, empu Ramayadi jeung empu Mercukundo. Bada abad ka-12 kujang dijadikeun jimat ku para raja jeung menak ti Pajajaran. Utamana dina mangsa pamarentahan Prabu Kuda Lalean. Kacaritakeun dina hiji mangsa Prabu Kuda Lalean meunang ilapat kudu ngareka wujud kujang anu dilaraskeun pulo Jawa. Anjeunna marentah ka empu Windu Supo sangkan nyieun kujang sakumaha ilapat. Ieu kujang mibanda dua ciri, nya eta wangunna mangrupa pulo jawa sedengkeun liang palebah pesona aya tilu. Kujang anu make wangun pulo jawa nuduhkeun kahayang pikeun ngawujudkeun cita-cita geusan ngahijikeun karajaan-karajaan leutik di pulo jawa, jadi hiji karajaan nya eta Pajajaran. Sedengkeun tilu liang dina peso kujang, nuduhkeun lambang trimurti, atawa tilu aspek kahiyangan dina agama Hindu anu dianut ku Prabu Kuda Lalean. Saterusna wangun kujang nambahan jadi sababaraha rupa model.
Dina jaman kamekaran Islam, wangun kujang oge direka deui mangrupa hurup arab “syin” sarta liangna ayeuna mah jadi lima. Ieu teh kreasi Prabu Kian Santang nalika nyebarkeun agama Islam di tatar Sunda. Anjeunna mihareup sangkan rahayat Sunda anu harita masih ngagem kujang, ngaasosiasikeun kujang dumasar agama Islam. Syin anu jadi aksara awal dina syahadat nyakseni Allah anu Tunggal jeung Muhammad utusan Allah. Kalayan ngucapkeun kalimah syahadat, otomatis nuduhkeun ayana pangakuan jadi panganut agama islam. Kujang model syin jadi pangeling pikeun anu bogana supaya tetep taat kana ajaran agama Islam. Lima liang palebah pesona ngaganti ajaran trimurti. Sababna mah lima liang ngalambangkeun rukun Islam. Nyaho pola naon anu dipake dina kujang teu gampang. Kudu ditalungtik heula kalawan gemet sangkan nyaho umur jeung waktu dijieunna. Pikeun nangtukeun umur hiji artefak kujang biasana make metode uji paruh waktu nu sok dipake dina widang arkeologi (metode karbon C-14).
Kujang Gagaman
Sanajan kumaha bae oge, urang kudu ngamumule titinggal karuhun. Dina mangsa Globalisasi urang nyanghareupan perang budaya jeung ekonomi. Kumaha ari nasib kujang? Kiwari kujang memang lain pakarang pikeun perang fisik, komo ideologi budaya jeung ekonomi. Kujang mangrupa pamageuh spirit urang Sunda. Kujang pamor dijadikeun gagaman atawa pusaka, tara dipake langsung di pangperangan.
Kujang biasana dijadikeun Batur Ludeung atawa pakarang pamungkas, mangrupa spirit pikeun nu boga. Dina kaayaan perang, spirit jadi pangdorong sumanget nu utama. Pakarang canggih memang hade tapi the man behind the gun leuwih hade. Pikeun urang Sunda spirit teh geus diwariskeun ku luluhur dina wujud Kujang.
Di luhur geus dicaritakeun yen fungsi kujang teh jadi pusaka, pakarang, pangarak, pakakas.
Kujang Pusaka: daya kasakten kujang ngandung ajen sakral kakuatan gaib (kasakten), pikeun ngajaga kasalametan diri kulawarga jeung masarakat sangkan jauh tina bahaya.
Kujang Pakarang: ukuranana leuwih pondok ti batan pakakas, tapi bisa dipake nubles, ngeureut jeung ngaraheutan. Wangunna (sacara hipotesis) bisa jadi disaluyukeun jeung karakter urang Pajajaran anu defensif dina nyanghareupan marabahaya, jauh tina sikep ofensif. Sakumaha nu kaungel dina pedaran pakujajar Majajaran anu nyaritakeun: “Sunda Pajajaran lain mudu pinter perang, tapi mudu pinter diperangan”. Dina carita pantun beunang disebutkeun taya carita anu meberkeun karajaan Pajajaran “nyerang” atawa “nalukkeun” karajaan lian. Tapi malahan digempur ku nagara lian. Dumasar kana karakter Pajajaran anu defensif tadi, kujang lain jadi pakarang pikeun “nyerang” tapi ngan ukur pikeun “ngabela diri” mun geus kadesek. Cara ngagunakeun kujang ngan sakali ditubleskeun kana beuteung musuh. Mun ditarik bakal ngabudal-badil eusi beuteung, atawa ku sakali tubles oge musuh langsung sakarat atawa maot.
Kujang Pangarak (alat upacara): kujang pangarak dipakena dina kagiatan upacara. Carana dipanggul dina prosesi ku barisan lulugu. Wangunna: gagangna panjang jiga tombak, jadi bisa digunakeun dina kaayaan kadesek pikeun ngabela diri, ku jalan ditojoskeun atawa dilempagkeun ka musuh.
Kujang Pakakas (alat tatanen): gunana pikeun nutuhan tatangkalan waktu ngabukbak lahan keur huma. Nepi ka ayeuna masih dipake di lingkungan masarakat Kanekes (Baduy) jeung masarakat “pancer pangawinan”. Dina kaayaan darurat, kujang bisa dipake pikeun ngabela diri ku cara ditebaskeun lantaran kujang pakakas ukuranana leuwih panjang jeung rada gede.
Saha Wae Anu Sok Ngagunakeun Kujang?
Pantun Bogor kurang eces dina nyaritakeun naha ieu alat teh digunakeun ku sakabeh warga masarakat atawa henteu. Kujang ngan dipake ku para pangagung, nya eta para raja, prabu anom, golongan pangiwa, golongan panengen, golongan agama, para putri jeung kaum wanita, sarta para kokolot. Sedengkeun ra’yat biasa ngan ukur ngagunakeun pakakas, saperti: bedog, congkrang, sundung, jsb. Mun arinyana make kujang oge ngan sawates kujang pakakas pikeun kaperluan ngahuma. Dina urang hayang boga kujang henteu meunang sambarangan waktu milih. Tapi kudu nyaho heula status sosialna. Contona: kujang pikeun raja moal sarua jeung kujang pikeun balapati. Kitu deui kujang pikeun balapati kudu beda jeung kujang pikeun barisan pratulup jst.
Urutanana mimiti raja nepi ka kokolot anu biasa make kujang pikeun pakarang perang, nya eta : raja, lengser, brahmesta, prabu anom (putra makota), bupati panangkes jeung balapati, geurang seurat, para bupati pakuan jeung luar pakuan, para patih kaasup patih tangtu jeung mantri paseban, para lulugu, para kanduru, para sambilan, para jaro kaasup jaro tangtu, para bareusan, para guru, para pangwereg, para kokolot.
Ari nu disebut golongan pangiwa jeung panengen nyeta para pangagung anu jeneng prabu anom nepi ka golongan para bareusan, para guru jeung pangwereg.
Ayeuna urang pedar saha wae anu ngabogaan hak ngagunakeun kujang dumasar kana pancen jeung kalungguhan, kayaning:
Kujang ciung mata 9 anggoan para raja. Kujang ciung mata 7 dipake ku mantri dangka jeung prabu anom. Kujang ciung mata 5 dipake ku geurang seurat, bupati paningkis jeung para bupati Pakuan. Kujang jago dipake ku balapati, para lulugu jeung sambilan. Kujang kuntul dipake ku para patih (patih puri, patih taman, patih tangtu, patih jaba, jeung patih palaju) oge dipake ku para mantri ( mantri majeuti, mantri paseban, mantri layar, mantri karang jeung mantri jero). Kujang bangkong dipake ku guru sekar, guru tangtu, guru alas, guru cucuk. Kujang naga dipake ku para kanduru, para jaro (jaro awara, jaro tangtu, jaro gambangan). Kujang badak dipake ku para pangwereg, para pamatang, para palongok, para palayang, para pangwelah, para bareusan, prajurit, pratulup, pangawin, sarawarsa jeung para kokolot.
Jumat, 22 Oktober 2010
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar