KOMUNITAS TATAR SUNDA | Promosikan Halaman Anda Juga
WILUJEUNG SUMPING DI BLOG SITE KOMUNITAS TATAR SUNDA TATAR SUNDA

Sabtu, 28 Mei 2011

Assalammu Alaikum Wr Wb,,,

Bismillahi kawitaning puji Puja nyebat asmana Gusti Nu Maha Welas Asih ka kabeh, ngurus sadaya mahluk eusi alam taya nu kari, Gusti urang sadaya Geusan sumalindung...

Shalawat sinareng Salam kapihatur ka Kanjeng Nabi Muhammad SAW miwah kulawargina nu Mulya sareng Sahabatna Radiyallahu Anhum....Amiin.

Sampurasun Baraya sim kuring...

Dina raraga Milangkala taun yuswa pribados ping 28 Mei dinten ieu, sim kuring seja ngahaturkeun sewu nuhun laksa kabingahan kana sagala rupi ucapan, salam kawilujengan sinareng Du'a ti para Wargi sadayana.
Sawalerna ngalangkungan seratan ieu pribados oge hoyong ngadu'akeun Baraya miwah kulawargi Mugia dipaparinan Ginanjar kawilujengan, Babar karahayuan, Kacumponkeun sagala rupi pamaksadan oge salawasna tetep aya dina Panantayungan sinareng Maghfiroh ti Allah nu Maha Welas Asih.......Allahumma Amiin.

Sanajan raga pa'anggang teu pa'amprok dampal panangan mung saukur tiasa patepang di alam Mandala maya (fesbuk) malahmandar tiasa ngaraketkeun tali silaturahmi di antara urang sadayana.

Timangsa gumelar ka alam dunya dianti ku Indung jeung Bapa, getih beureum malur waruga nalika jabang bayi munggaran gubrag ka alam dunya pikeun ngumbara rumingkang di bumi alam.
Bungah jeung bagja awor ngahiji, orok beureum diayun ambing ku rupa-rupa hariring miwah Du'a sangkan na diri nyanding sukma nu sajati....Insya Allah.

Ilaharna Gusti Allah nu ngagaduhan Kodrat, Iradat sinareng Kersaning ka mahlukna, Indung nu ngandung Bapa nu ngayuga jadi Cukang Lantaran.
Indung miharep sarta Bapa munajat sangkan buah hate bagja tanpa kuciwa Rahayu lahir Tumekaning batin....

Kanya'ah Indung jeung Bapa moal gedag ku ka'anginan, moal la'at ku kalinduan, moal lantis ku kahujanan, Indung tunggul rahayu Bapa tunggal raharja....

Duh Ibu duh Bapa, ageung karumaosan abdi seueur kalepatan ka salira, kedah kumaha abdi mulang tarima ?....Hampura nu diteda, Weninggalih nu dipamrih, Rahayu nu dipundut....
Robbighfirlii waliwalidayya warhamhuma kamaa Robbayani shagiro...Allahumma Amiin.

Nyukcruk galur nu kapungkur mapay laratan anu baheula nitih wanci nu kamari ninggang mangsa nu sampurna.

Sadar kana Hirup, manahoreng Hirup teh kudu dibarengan ku Huripna. Ari Hurip teh nyaeta babanda saperluna pikeun bekel Hirup. Gawe nu rancage dibarengan ku elmu pangaweruh jadi Cukang Lantaran pikeun ngahontalna.

Robah mangsa ganti wanci - ilang bulan kurunyung taun, sanajan ngalamun salaput umur, kahayang patema-tema, karep heunteu reureuh-reureuh, da geuning nu bakal karasa mah anging qadar ti Gusti, manusa sakadar rancana, qabul aya tinu Maha Agung, Laksana aya tinu Maha Kawasa....Laa Haulaa wa laa quwwata illa billah....

Eling kana Purwadaksi, Purwa wiwitan Daksi wekasan, ti mana asal kawit - keur ngumbara di mana - bakal mulih deui ka mana....Jalma mah moal salawasna Jumeneng di alam dunya hiji mangsa bakal mulih ka Jati mulang ka Asal, amal perbuatan jeung Ibadah urang nu bakal dibawa ka Hadirat Illahi Robii....Innalillahii wa inna illaihi rojiun.

Hatur nuhun ka Baraya sadayana, nyanggakeun bobot pangayom timbang tarajuna Mugiya agung cukup lumur jembar pangampura....

Jazakallahu khoiron katsiron - Barakallahu fikum....
Wassallammu Alaikum Wr Wb.


Tangerang, 28 Mei 2011

____ KANG ARIEF - Sarimbit ____



 adm_kumkum_bdg

Tidak ada komentar: