KOMUNITAS TATAR SUNDA | Promosikan Halaman Anda Juga
WILUJEUNG SUMPING DI BLOG SITE KOMUNITAS TATAR SUNDA TATAR SUNDA

Senin, 25 Juli 2011

'' kamelang ki sunda ''

Taun taun nu katukang (minggu, 10 peb 2008) meunang beja anu matak reuwas, "konser maut" musik indie di bandung menta wadal 10 nyawa barudak ABG.
prihatin ngabandungan rengkak paripolah barudak rumaja, beuki kadieukeun... beuki meuweuh mikalandep kana budaya deungeun.... teu teu ari matak ngahasilkeun jadi dunya mah (materi), nu aya mah kapribadian anu dibentuk (karakter diri) estuning "matak melang"...pikahariwangeun...

enya ketang, da kaalaman ku sorangan... pernah rumaja baheula teh.....
pernah ngalaman mangsana boga kahayang  teu beunang dicaram ku kolot.....
pernah reresepan ubrang abring, gaul kaditu kadieu "sagala hayang nyaho"...
nyoba ieu, nyoba itu.... hayang kieu...hayang kitu......

ngan, nya kitu......
tungtungna mah balik deui kana diri sorangan....
balik deui kana tatapakan anu "ditancebkeun" ku kolot "dina diri"....
balik deui kana "dasar atikan" anu geus diterapkeun....

pergaulan, lingkungan, sakumaha gorengna oge....
angger lamun diri pribadina geus boga filter anu hade...
lamun diri pribadina geus boga "tatapakan" anu kuat...
moal kabawakeun kunu teu beres.... moal kabawa ku sakaba-kaba.....

pasti bisa milih ... pasti bisa nyaring.......

balik deui kana konser maut di bandung, ieu jadi bahan pieunteungeun keur urang, naha bet kajadian siga kitu. loba alesan anu aya pakuat-pakaitna jeung ieu kajadian, memang dina emprona pasti aya anu "disalahkeun" alias "kudu tanggung jawab".... bisa wae panitia anu ngayakeun eta kagiatan.....

ngan tungtung na mah..... urang kudu instrosfeksi diri kabeh......

pamarentah, budayawan, seniman, anu jadi kolot (indung bapa), komunitas kreatifitas, aparat keamanan, jeung sajabana..... kabeh kudu instrosfeksi diri......

pamarentah kunaon kudu instrosfeksi diri ?... eta geuning teu kawadahan "energi kreatifitas" barudak ngora teh....tepikeun kudu aya wadal nyawa sagala.... naha kudu kajadian deui?...cik atuh coba disolusikeun...merenahkeun tempat barudak ngora "ngaluarkeun" kreatifitasna...
jieunkeun sugan gedung pertunjukan anu "representatif"...... bae saheulaanan aliran berkesenian na mah...rek indie, rek ngeband, rek rock.... nu penting kasalurkeun heula.....
sugan bari sajajalan bisa ditoelan "eling" kana seni tradisina......

budayawan jeung seniman kunaon kudu instronfeksi ???... tuh geuning bukti anu nyata mah barudak urang (rumaja kiwari) teh kitu kaayaannana..... mikalandep budaya deungeun...bari jeung teu boga filter.... teu ngitung anu matak pisalameteun teh anu kumaha? brutal... naha kamana atuh kearifan budaya lokal (sunda) nerapna di rumaja kiwari ???
PR gede nu kudu dijawab !!!!...........

anu jadi kolot (indung bapa) kunaon kudu instrosfeksi ???... yeuh nun, bapa, ibu, emang, ibi... sakumaha gorengna pangaruh lingkungan jeung pergaulan anu aya disakuriling bungking moal ieuh kabawakeun pikeun jelma anu geus boga "cecekelan"...anu geus boga "tatapakan"...

ema,bapa,emang, embi...tong nyalahkeun wae ka jaman, tong nyalahkeun ka lingkungan, tong nyalahkeun wae ka pergaulan.......

geuning kitu buktosna....  atuh mihape anak getih sorangan, amanah ti Gusti, tong dimomorekeun.... pek diwarah anu teges.... jadikeun manusa..... tong diumbar teu puguh....
wayahna... nepi rumaja mah "kudu" keneh "dicangcang" dina nyieun kaputusan....
kudu terus "ditalingakeun" sagalana..... jaga lamun geus dewasa, bisa tanggung jawab sorangan... keun wae rek diumbar oge... da kitu kieu oge jadi pilihan hirupna....

ulah tepi ka aya beja siga kieu tina kajadian konser maut : aya kolot anu teu apal yen eta anu jadi korban teh anakna... teu apal kana rupana...teu apal kana pakeannana...teu apal ciri-cirina...
beu edasss.....
kamarana wae atuh aranjeun teh ???.. perkembangan anak nepi ka teu apal?? teu wawuh ???
teu inget budak indit make baju naon ??.... kacida.......

tah, kade ieu ka dulur-dulur..... muga jadi eunteung ieu kajadian......
kade ieu anak urang...amanah, dunya aherat kudu tanggung jawab ka MantenNa....

aparat keamanan oge komunitas tur panitia kunaon kudu instosfeksi ??... sagagala oge kudu ngukur kakujur... pasti lamun geus bisa ngitung pibalukareun tina sagala kagiatan moal kudu kajadian konser anu menta wadal nyawa siga kitu....

tungtungna, pikeun urang anu hirup. muga 10 nyawa ieu heunteu jadi tumbal anu "sia-sia"...
muga jadi eunteung jeung pelajaran anu berharga....

Tidak ada komentar: