KOMUNITAS TATAR SUNDA | Promosikan Halaman Anda Juga
WILUJEUNG SUMPING DI BLOG SITE KOMUNITAS TATAR SUNDA TATAR SUNDA

Selasa, 15 Mei 2012

Papatah

Papatah

Ujang nu kasep... !!
Sing jadi lalaki langit lalandang jagat..
Nu teu unggut kalinduan .. gedag kaanginan
Salawasna ngabogaan pamadegan hirup..
Suka pejet batan ngejat..
Kajeun lebur teu lebar naruhkeun pati..
Demi ngabelaan kahormatan kulawarga..
Omat...
Sing jadi tuturus laku enggoning sumujud kanu Maha Agung..
Jadi pola lampah kulawarga dina papantunan hirup..
Hidep teh benteng di rumah tangga..


Nyai nu geulis.... !!
Sing jadi istri raspati.. anu tumut turut ka salaki
Nu teu aral dina nyinghareupan galura kahirupan
Sing bisa ngajaga kaharmonisan rumah tangga
Mihapekeun...
Meunang rizki saeutik sing bisa mahi..
Meunang rizki loba sing jadi barokah..
Omat..
Kaharmonisan kulawarga,
aya dina leungeun hidep..


Ujang... Nyai.... !!
Sok geura teuleuman ieu kahirupan..
Omat ulah loba pacengkadan..
Amparkeun sajadah panjang..
Pasrah sumerah kanu Maha kawasa..
Indung bapa hidep... Bakal marengan sapanjang jalan.

2 komentar:

Kamaludin Koswara mengatakan...

ngiring rumojong ah.... teraskeun kreativitasna !!

Unknown mengatakan...

Nuju mapatahan panganten, disawer, byurrrrrrr recehan lima ratusan disawerkeun, eta murangkalih, si Ujang, Entong mani parebut.......