Madhu mulang ka Majapahit bari mawa surat balesan ti raja Sunda sarta ngibérkeun rék datangna rombongan ti Sunda. Teu lila ti harita rombongan karajaan Sunda angkat diiring ku rombongan nu loba pisan: dua réwu kapal (kaasup kapal laleutik). Kapal nu dianggo ku kulawarga raja Sunda nyaéta "kapal jung Tatar (Mongol/Cina) nu ilahar dipaké satutasna perang Wijaya" (bait 1. 43a.). Ngan nalika naraék kapal, aranjeunna ningal kila-kila nu teu pihadéeun.
Kamungkinan rombongan Sunda maké kapal-kapal sarupa Kapal Jung. Majapahit sorangan sibuk nyiapkeun sambutan pikeun para tamu. Sapuluh poé ti harita, kapala désa Bubat ngalaporkeun geus datangna rombongan Sunda. Prabu Hayam Wuruk jeung paman-pamanna geus saged rék ngabagéakeun nu datang, tapi patih Gajah Mada teu panuju. Anjeunna keukeuh nyebutkeun yén Maharaja Majapahit teu pantes ngabagéakeun/nyambut raja nu statusna raja lokal (vazal) kawas raja Sunda, malah saha nu nyaho yén anjeunna téh musuh nu nyamar.
Mangka, nurutkeun pamanggih Gajah Mada, Prabu Hayam Wuruk teu jadi indit ka Bubat. Para abdi dalem karaton jeung pangagung séjénna kagét ngadéngé hal ieu, tapi maranéhna teu wani ngabantah.
Di Bubat, rombongan Sunda hawar-hawar geus ngadéngé iber ngeunaan kaayaan di Majapahit. Lajeng raja Sunda ngirimkeun utusan, patih Anepakén, indit ka Majapahit. Anjeunna angkat dibarengan ku tilu pangagung séjénna sarta tilu ratus prajurit, langsung ka palinggihan Gajah Mada. Di dinya patih Anepakén sasanggeman yén Raja Sunda rék mulang sarta nyangka yén Hayam Wuruk ingkar jangji. Aranjeunna paséa rongkah sabab Gajah Mada keukeuh mikahayang urang Sunda lumaku sakumaha patalukan Nusantara Majapahit. Di kapatihan éta ampir bantrok, ngan kaburu dipisah ku Smaranata, pandita karajaan Majapahit. Mangka utusan Sunda marulang deui kalawan ngémbarkeun yén kaputusan ahir raja Sunda bakal ditepikeun dina jangka dua poé.
Ngadangu émbaran ieu, raja Sunda teu sudi lumaku salaku patalukan. Lajeng anjeunna sasanggeman mutuskeun yén leuwih hadé gugur salaku satria. Demi méla kahormatan, leuwih hadé gugur batan hirup bari dihina urang Majapahit. Sadaya pangagung katut rombongan Sunda tumut kana kaputusan ieu sarta milu béla ka rajana.
Lajeng raja Sunda nepungan istri katut putrana, anjeunna nyaritakeun niatna lajeng miwarang kulawargana mulang, tapi aranjeunna nolak kalawan keukeuh rék ngabaturan rajana.
PUPUH II (Durma)
Dua pihak geus sariaga. Utusan Majapahit dikirim ka pakémahan Sunda kalawan mawa surat nu eusina pasaratan ti Majapahit. Pihak Sunda nolak kalawan ambek murka sahingga perang moal bisa dicegah deui.
Pasukan Majapahit disusun ku barisan prajurit biasa di hareup, terus tukangeunana para pangagung karaton, Gajah Mada, sarta Hayam Wuruk jeung dua pamanna pangtukangna.
Perang campuh lumangsung, ngabalukarkeun loba pisan prajurit Majapahit nu tiwas, tapi tungtungna ampir sadaya pasukan Sunda tiwas digempur bébéakan ku pasukan Majapahit. Anepakén tiwas ku Gajah Mada, sedengkeun raja Sunda tiwas ditelasan ku bésanna sorangan, raja Kahuripan jeung Daha.
Hiji-hijina nu salamet nyaéta Pitar, perwira Sunda nu pura-pura tiwas di antara pasoléngkrahna mayit prajurit Sunda. Lajeng anjeunna nepungan ratu jeung putri Sunda. Aranjeunna kalintang ngarasa sedih, lajeng nelasan manéh, sedengkeun para istri perwira Sunda arangkat ka médan perang lajeng narelasan manéh hareupeun mayit para salakina.
PUPUH III (Sinom)
Prabu Hayam Wuruk ngarasa hariwang nempo perang ieu. Anjeunna lajeng angkat ka pakémahan putri Sunda, sarta mendakan putri Sunda geus tiwas. Prabu Hayam Wuruk kacida nalangsa ku hayangna ngahiji jeung putri Sunda ieu.
Satutasna ti éta, dilaksanakeun upacara pikeun ngadungakeun para arwah. Teu lila ti kajadian ieu, Hayam Wuruk mangkat ku rasa nalangsa nu kacida.Sanggeus anjeunna dilebukeun sarta sadaya upacara geus réngsé, paman-pamanna ngayakeun sawala. Aranjeunna nyalahkeun Gajah Mada kana kajadian ieu, sarta mutuskeun rék néwak sarta nelasan Gajah Mada. Nalika aranjeunna datang ka kapatihan, Gajah Mada geus sadar yén wancina geus datang.
Gajah Mada maké sagala upakara (kalengkepan) upacara lajeng milampah yoga samadi, sahingga anjeunna ngaleungit (moksa) ka (niskala).Raja Kahuripan jeung Daha, nu sarupa jeung “Siwa jeung Buda”, mulang ka nagarana séwang-séwangan, sabab mun cicing di Majapahit teu weléh kasuat-suat ku kajadian ieu.
@Adm_Andri_Bogor
Buka halaman nu sanesna ! SEPINTAS TENTANG MASYARAKAT BADUYMENGENAL PERNIKAHAN ADAT SUNDAPUPUH PERANG BUBAT ASAL USUL BANGSA URANG NURUTKEUN SAJARAHBEWARA KEUR DULUR DULUR DILEMBUR BARAYA DIKOTA SAHADAT BUHUN KIDUNG BASA INDUNG PRABU SILIWANGI UGA SILIWANGI DOWNLOAD MP3 KACAPI SUNDA DOWNLOAD MP3 WAYANG GOLEK DOWNLOAD MP3 BOBODORAN SI CEPOT SUNDA WIWITAN CIREUNDEU, KEPERCAYAAN BADUY VERSI LAIN
Tags :Sejarah Sunda Mengenal Sunda Wiwitan Pijakan Sejarah Sunda Menatap Masa Depan Era Sejarah Di Tatar Sunda Kabuyutan Galunggung, Misteri yang belum terkuak Sunda: Arti dan Pandangan Hidup Makna Silih Asih, Silih Asah, dan Silih Asuh.Relasi antara Budaya Islam dan Budaya SundaDownload Wayang Golek Download Wayang Golek
Buka halaman nu sanesna ! SEPINTAS TENTANG MASYARAKAT BADUYMENGENAL PERNIKAHAN ADAT SUNDAPUPUH PERANG BUBAT ASAL USUL BANGSA URANG NURUTKEUN SAJARAHBEWARA KEUR DULUR DULUR DILEMBUR BARAYA DIKOTA SAHADAT BUHUN KIDUNG BASA INDUNG PRABU SILIWANGI UGA SILIWANGI DOWNLOAD MP3 KACAPI SUNDA DOWNLOAD MP3 WAYANG GOLEK DOWNLOAD MP3 BOBODORAN SI CEPOT SUNDA WIWITAN CIREUNDEU, KEPERCAYAAN BADUY VERSI LAIN
Tags :Sejarah Sunda Mengenal Sunda Wiwitan Pijakan Sejarah Sunda Menatap Masa Depan Era Sejarah Di Tatar Sunda Kabuyutan Galunggung, Misteri yang belum terkuak Sunda: Arti dan Pandangan Hidup Makna Silih Asih, Silih Asah, dan Silih Asuh.Relasi antara Budaya Islam dan Budaya SundaDownload Wayang Golek Download Wayang Golek
Tidak ada komentar:
Posting Komentar