KOMUNITAS TATAR SUNDA | Promosikan Halaman Anda Juga
WILUJEUNG SUMPING DI BLOG SITE KOMUNITAS TATAR SUNDA TATAR SUNDA

Kamis, 28 Oktober 2010

Babar Kecap Panyipuh Alam Panyundaan

Bismillahi Dzat nu Nyipta tur ngabuka babak lampah jagat raya Nu jadi ka-RUH-an Sarining Haya.
Sumujud nyungkur ka Papayung ti Hiung Agung nu Tunggal ngajadikeun rupaning nu Manunggal.
Laaillaha illalloh Muhammaddarrosulloh.
Kalayan Kasalametan ka Jungjunan Alam, Khalifatulloh Nu jadi ka-RUH-un Sarining Sukma.
Sinembahing mulya ka Indung rawuh ka Bapa, tur Tatar Adat Nusa nu jadi cukang lantaran kapanga-RUH-an Sarining Kuring ngajirim jatidiri.
Kalayan hormat ka para Luluhur Sunda nu nancebkeun Sulur Buah Pikiran Luhung, nu jadi Pamancar, Pamancir jeung Pamancur Palasifah Sunda.

Babak carita urang buka ku tekad tata jeung cara Sunda NINDAK ngudag WAYAH :
Bral urang Milampah MARTABAT Kamanusaan Sunda.
Prak urang Makalangan DARAJAT Kahirupan Sunda.
Prung urang Ngawangun KALUHUNGAN Adat Budaya Sunda.

Hurung ngempur Lampu Agung - Siang Leumpang Ngabaladah...
Ku Rasa nu Ngabasa.
Ku Basa nu Mangrupa.
Ku Rupa nu Ngaungkara.
Ku Ungkara nu Nanggara.
Ku Tanggara nu Ngauga.
Ku Uga nu Ngawaruga.

Tujuh Rupa Ungkara nyipuh ngahirupan Dalapan Belas Rupa Puraga Talahawa jadi konci pikeun muka rusiah sabundering jagat.
Pangjangka nu ngajarak saban arah - ngajadikeun KARAMAH.
Pamatri nu ngajirim kana diri - ngajadikeun KARIMAH.
Panglawung ngagabung sabale gandrung - ngajadikeun KARUMAH.
Pangleber nu meber ka sekeseler - ngajadikeun KAREMAH.
Pangjero nu ngawaro ka panggero - ngajadikeun KAROMAH.
Panggeter nu meper - ngajadikeun KAREMAH.
Pangangkleung nu cukleuk leuweung - ngajadikeun KEREUMAH.

Basa nu hirup dina Rasa - Nga Uga KANYATAAN.
Basa nu hirup jadi Wasa - Nga Waruga KALAMPAHAN. 

Indung nu jadi simbul Panyipuh :
Kembang tujuh rupa nu baris mere tangara seungitna Jati Sunda.
Cai sajeroning kalapa nu baris matri ngadiri kana Sukma Jati Sunda.
Gelarhirhing " BABAR SUNDA - DINA UGA - NGAWARUGA ".

Bral muka jalan tatapakan Manusa Sunda ti Nusantara rek ngalanglang Jagat, Poma tong ngahalangan bisi Katulah.
Kuring rek ngalengkeh ti Wewengkon Siliwangi mere beja nu TEGES - ECES - BENTES :
SUNDA MAPAG UGA, Nyukcruk Kaluhungan Indung.
SUNDA NANJEUR, Parahyangan Beuneur.
SUNDA MEGAR, Pajajaran Medar.
SUNDA SURTI, Siliwangi Walagri.
SUNDA NINDAK, Buana Robah Jadi Alam Panyundaan.
Sunda Indung Sagala Manusa. Bral...! Prak...! Prung...!

4 komentar:

TONY SOLIHIN mengatakan...

aduh kalintang bagja pisan,,,, mangga sing sukses we pangjajap ti simkuring mah

Ki Bantani mengatakan...

Sapuk,,,,di lajeng,,,prak tandang mangkalangan nanjeur keun ajenan nu luhung,,,ajenan SUNDA SAWAWA

kalfatar mengatakan...

Sampurasun
Kalayan rohmat Alloh tur
barokah manten-Na.
SEJA URUN PANGBAGEA SUMPING.
Ngadugikeun kareueus dina ieu situs KOMUNITAS TATAR SUNDA.
Nu dibagea ku Kecap Panganter; “Rajah”
Babar Kecap Panyipuhan Alam Panyundaan.

Nitenan kecap anu katata dina ieu babaran,
Lir mancar dangiang alam
anu ninggang kana wayah.
Cunduk waktu purun laku.
Nyukma alam nu katewak dina rasa.
Ngusumah ngalawung ka Lauh Mahfud.
Nitis ngawanci, ngadiri
di Lauh Jinawi,
dina ati anu suci.

Rancage gawe meber ka sekeseler.
Wuruh ku panglimpud elmu.
Sewu, mangrewu teu kaitung.
Saestu akur reujeung Hyung Agung.

Boa sinyal Budak Angon
rek kapeto….?
Boa sinyal Budak Janggotan
rek makalangan…?
Ngahiji kawin, ngababakan ngamanunggal na jatirasa.

Alam asa mere tanda.
Ngan mere tanda ka tiap diri
anu surti.
Anu boga kanyaah hayang nata
ieu dunya.
Nu ngawatek teu robah sakujur raga.
Lir batu satangtung ti dampal suku nepi ka emun-emunan
Ngabedega, ngabaduga,
kukuh teu kahunyud waktu.

Tutunggulan ngakar anyar, nyarirung hirup.
Kalakay kawas rek ragrag
malah pucukan
Sabab akal malasipah
ku SILIH ASAH.
Sabab Ati tiis ngawening
ku SILIH ASIH.
Sabab jasad ngawujud laku
ku SILIH ASUH.
Siliwangi ngajatidiri.
Hanjuang ngai
lantaran ngadaun antap
Handeuleum, andelemi sifat indung nu dijungjung na hulu hirup.

Bagea Sumping Parahing;
Para Pasukan Siliwangi.
Nu ngahyang di alam LALANGSE KALA.
Bral dongkap di alam KAWENGKU KALA
Ngawujud kaceluk jadi Pangagung
Ngajirim ngadiri ngajati;
nga-Ratu Adil

Abdi sadaya sono teu mipoho
hoyong paamprok.
PARAHING BAGEA SUMPING...!

Hapunten ka para wargi sadaya,
ieu rasa ngabudal teu katahan,
Ngalenyepan “Babar Kecap Panyipuhan Alam Panyundaan'.
Salam baktos ka sadaya para wargi. Cag. @kalfatar.

mahfarid mengatakan...

Sampurasun
Kalayan rohmat Alloh tur barokah manten-Na.

Bingah amarwatasuta ieu situs dirajah ku garbakecap
“Babar Kecap Panyipuhan Alam Panyundaan”
Seja aub, paribasa lauk buruk bilu mijah.
Hampura nu kateda ka Ki Boga ieu rohangan.
Etang-etang nyacapkeun rasa kabingah.

EMUT KANA KECAP JATISUKMA DEWARUCI:
Clak nyakra makalang NUSA
Nu ngabundeur kareuma dunya
Nyaripati ngadiri, NUSA ngajasad jadi MANUSA;
Geura wanohan; dina RAGA

Seuneu nu nga-DAYA, Cai suci ngalimpud LEMAH
Daya nyifat jadi JA
Lemah nyifat jadi LEMA
Gumulung ngajatisukma jadi JALMA
Geura wanohan; dina RASA

Ditumbu-tumbu ku bayu nu nyarungsum kana hirup
Ngarambah nyambung sabundering jagat
Nu nungtung teu ngahujung
Nu awal teu kahadap.
RUH ngarana; nu jadi RU-sia-H hirup.
Kumaha nya ngawanohannana…???

Kasucian bakal tandang makalangan.
Babar JABANG TUTUKA bayi suci ngalanglang jagat.
Kecap Panyipuh geus turun ti Lauh Mahfud nyarungsumbalung.
Nitis miis ngagetih ngadaging di Lauh Jinawi.

Satria Pininggit malasipah Bumi nu endah andelemi.
Satria Pinandita malasifah Langit nu jadi wiwitan jati.
Bral ngahiji ngaragasukma sapangawakan meresan Dunya.
Sabab amarah Dazal moal kahadang ku somah.
Dazal lumpuhna lain dihadang ku rea.
Tapi ati bayi anu suci lir Jabangtutuka,
Kuat nandangan panyipuh Kawah Candra Dimuka.

Bral datang para Jabangtutuka ka pakalangan.
Nyandang amanah Sunda. ngabela fitrah kamanusaan.
Anu paham silih asah
Anu surti silih asih
Anu punjul silih asuh (Jatisukma Dewaruci)
-------------------------------------------------------
Dupina, Babar Kecap Panyipuhan Alam Panyundaan
bakal muka rusiah…!
Hapunten sun anu kasuhun
Galuh agung na kurungan neda jembar panghampura
Salam baktos ka sadayana. Cag.