KOMUNITAS TATAR SUNDA | Promosikan Halaman Anda Juga
WILUJEUNG SUMPING DI BLOG SITE KOMUNITAS TATAR SUNDA TATAR SUNDA

Sabtu, 23 Oktober 2010

PANTUN SUNDA_TRADISI PITUTUR CARITA

 
Pantun atanapi carita pantun mangrupakeun hiji seni pintonan carita pitutur/lisan sastra Sunda kuna bari ditembangkeun sarta dipirig ku kacapi. Pantun dipidangkeun ku saurang "juru pantun" nu ogé maénkeun kacapi.

Pantun nu aya di masyarakat Sunda teu sami jeung pantun dina kesusasteraan Melayu. Pantun Melayu bentukna mangrupakeun kalimat-kalimat nu di tata ku sampiran jeung eusi nu biasana ngabogaan jumlah baris opat atanapi dua. Jinis kesusasteraan seperti ieu upami dina kesusastraan Sunda disebat sisindiran. Sedengkeun, nu di pimaksud carita pantun di Sunda nyaeta carita atanapi dongeng.

SAJARAHNA

Pantun mangrupakeun hiji wanda seni nu kawilang geus kolot. Catetan pangkolotna nu nyebutkeun ngeunaan pantun aya dina naskah kuna Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian taun 1518 nu nyebutkeun ngeunaan carita pantun Langgalarang, Banyakcatra, jeung Siliwangi nu dipidangkeun ku "prépantun", juru pantun téa. Pantun anu ogé kawilang kuna nyaéta Pantun Bogor nu dicaritakeun ku Ki Buyut Rambéng.

Kamekaran seni pantun salajengna dicirikeun ku nambahanana carita-carita pantun nu ajénna dianggap luhung, kayaning carita Lutung Kasarung, Ciung Wanara, Mundinglaya Dikusumah, Déngdéng Pati Jaya Perang, Ratu Bungsu Kamajaya, Sumur Bandung, Demung Kalagan, jsb. Di Kanékés nu masarakatna hirup dina budaya kuna, seni pantun téh dalit pisan. Anu ilaharna dipidangkeun dina ritual kaagamaan/adat di antarana carita Langgasari Kolot, Langgasari Ngora, jeung Lutung Kasarung.

Kamekaran/kaluhungan seni pantun geus nyatetkeun sababaraha urang juru pantun anu kawentar dina mangsana. Di Cianjur, misalna, aya R. Aria Cikondang (abad ka-17), Aki Uyut Baju Rambeng ti Bogor (abad ka 19), sarta Aong Jaya Lahiman jeung Jayawireja (abad ka-19). Awal abad ka-20, di Bandung aya Ucé, sedengkeun dina panengah abad ka-20, nu kawentar téh Pantun Beton "Wikatmana".

PAMIRIG

Alat musik nu sok mirig pintonan pantun téh kacapi. Ti mimiti kacapi kuna sakumaha nu aya di Kanékés kiwari (kacapi leutik 7 kawat), kacapi gelung (tembang, sarua jeung nu sok dipaké dina tembang Cianjuran), nepi ka kacapi siter (Jawa). Anapon laras (tangga nada) nu dipaké mirig carita pantun, nyaéta laras pélog, tapi loba ogé nu maké laras saléndro.


PINTONAN

Seni pantun dipidangkeun dina dua bentuk:

(1) pikeun hiburan jeung
(2) pikeun ritual.

Dina pidangan hiburan, nu sok dicaritakeun téh gumantung ka carita nu dikawasa ku juru pantun, atawa gumantung nu nanggap. Sedengkeun pikeun ritual, misalna ruwatan, caritana sarua jeung dina pintonan wayang, kayaning Batara kala, Kama Salah, atawa Murwa Kala.

Pintonan pantun biasana dipidangkeun kira jam 02.00-05.00. Rajah dina pintonan ruwatan leuwih panjang sarta katémbong sakral batan dina pintonan hiburan nu ilaharna dipintonkeun kira jam 20.00-04.00. Najan dipidangkeun pikeun tujuan hiburan, pantun teu bisa kitu baé ditanggap. Masarakat Sunda nganggap pantun téh masih mibanda watek sakral sarta sok dipatalikeun jeung upacara ngamulyakeun karuhun. Ku kituna, pintonan pantun biasana sok dibeungkeut dina struktur pintonan baku nu caritana museur ka kahirupan raja-raja Sunda atawa carita masarakat Sunda.

Sacara umum, pola pintonan pantun bisa diudar dina susunan kieu:

(1) nyadiakeun sasajén,
(2) ngukus menyan,
(3) "rajah pamunah",
(4) carita ti bubuka nepi ka panutup, sarta
(5) ditutup ku "rajah pamungkas".

Salaku kasenian nu hirup ti jaman Hindu nepi ka Islam, teu matak ahéng mun ungkara jeung ajaran ti juru pantun téh mangrupa campuran éta dua jaman. Najan aya istigpar (Islam), istilah-istilah sarupaning "Déwata", "Pohaci", "para karuhun", "buyut", jsb.

Kasenian pantun nu mibanda ciri budaya Sunda, utamana dina hal kapercayaan Sunda Kuna, ngajadikeun pantun béda hambalan jeung kasenian Sunda lianna. Pikeun urang Sunda mah, pantun téh mangrupa média pikeun ngararasakeun deui (panineungan) kana mangsa nanjungna kaadaban masarakatna.

Kiwari, seni pantun di tatar sunda geus loba nu ninggalkeun. Juru pantun nu aya kénéh téh geus kari sababaraha urang.

Conto Pantun-pantun Sunda :

1. Ciung Wanara
2. Lutung Kasarung
3. Mundinglaya di Kusumah
4. Aria Munding Jamparing
5. Banyakcatra
6. Badak Sangorah
7. Badak Singa
8. Bima Manggala
9. Bima Wayang
10. Budak Manjor
11. Budug Basu /Sri Sadana / Sulanjana
12. Bujang Pangalasan
13. Burung Baok
14. Buyut Orenyeng
15. Dalima Wayang
16. Demung Kalagan
17. Deugdeug Pati Jaya Perang / Raden Deugdeug Pati Jaya Perang Prabu Sandap Pakuan
18. Gajah Lumantung
19. Gantangan Wangi
20. Hatur Wangi
21. Jaka Susuruh
22. Jalu Mantang
23. Jaya Mangkurat
24. Kembang Panyarikan / Pangeran Ratu Kembang Panyarikan
25. Kidang Panandri
26. Kidang Pananjung
27. Kuda Gandar
28. Kuda Lalean
29. Kuda Malela
30. Kuda Wangi
31. Langla Larang
32. Langga Sari
33. Langon Sari
34. Layung Kumendung
35. Liman Jaya Mantri
36. Lutung Leutik / Ratu Bungsu Karma Jaya
37. Malang Sari
38. Manggung Kusuma
39. Matang Jaya
40. Munding Jalingan
41. Munding Kawangi
42. Munding Kawati
43. Munding Liman
44. Munding Mintra
45. Munding Sari Jaya Mantri
46. Munding Wangi
47. Nyi Sumur Bandung
48. Paksi Keling / Wentang Gading
49. Panambang Sari
50. Panggung Karaton
51. Parenggong Jaya
52. Raden Mangprang di Kusumah
53. Raden Tanjung
54. Raden Tegal
55. Rangga Sawung Galing
56. Rangga Gading
57. Rangga Katimpal
58. Rangga Malela
59. Rangga Sena
60. Ratu Ayu
61. Ratu Pakuan
62. Ringgit Sari
63. Senjaya Guru
64. Siliwangi
65. Sangkuriang
66. Sarilaya
67. Sutra Kalang Gading
68. Surulukan Macan
69. Wentang Gading

KASIMPULAN

1. Pantun Sunda nyaeta mangrupakeun tradisi pitutur dongeng lisan benten sareng Naskah Babad, atanapi naskah wawacan nu di tulis.
2. Pantun Sunda di pidangkeun ku Juru pantun nu medalkeun cariosan dongeng nu di talar di barengan ku Kacapi
3. Pantun Sunda mangrupakeun hiji wanda kasenian sunda nu kawilang pangkolotna keterangan ngeunaan iru aya dina naskah kuna Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian taun 1518
4. Seni pantun dipidangkeun dina dua bentuk: pikeun hiburan jeung, pikeun ritual.
5. Sababaraha juru pantun anu kawentar nyaeta R. Aria Cikondang (abad ka-17), Aki Uyut Baju Rambeng ti Bogor (abad ka 19), sarta Aong Jaya Lahiman jeung Jayawireja (abad ka-19). Uce ti Bandung (Awal abad 20)
6. Susunan pola pintonan pantun nyaeta: (1) nyadiakeun sasajén, (2) ngukus menyan, (3) "rajah pamunah", (4) carita ti bubuka nepi ka panutup, sarta(5) ditutup ku "rajah pamungkas".

Posting : @Adm_andri_Bogor

Tidak ada komentar: